Senin, 15 Oktober 2018

USSUBNSUNDA



Wacana pikeun ngeusian nomer 1-3
Jaman baheula di hiji lembur di wewengkon Cianjur aya hiji kulawarga nu kahirupanana kacida waluratna. Sok sanajan cicing di lembur anu upluk-aplak pasawahan tur  subur pepelakan, tapi pikeun manéhna mah taya hartina, da kahirupanana sagala teu boga. Ari pupuhu éta kulawarga téh ngaranna Mang Jamarun. Mang Jamarun, sok sanajan hirupna kékéréhét lieuk euweuh ragap teu aya, tapi éstu tumampi ka nasib diri tumamprak kana puraga. Ihlas narima cocoba ka kulawargana, hirup jujur, tara miboga nu batur, sanajan kebon sayur batur keur salubur. Manéhna tara mipit teu amit ngala teu ménta, sabab ceuk pangrasana lain hak nu manéhna. Keur kahirupan anak-pamajikan téh cukup tina kula-kuli ka tatangga atawa buburuh macul.