Senin, 15 Oktober 2018

USSUBNSUNDA



Wacana pikeun ngeusian nomer 1-3
Jaman baheula di hiji lembur di wewengkon Cianjur aya hiji kulawarga nu kahirupanana kacida waluratna. Sok sanajan cicing di lembur anu upluk-aplak pasawahan tur  subur pepelakan, tapi pikeun manéhna mah taya hartina, da kahirupanana sagala teu boga. Ari pupuhu éta kulawarga téh ngaranna Mang Jamarun. Mang Jamarun, sok sanajan hirupna kékéréhét lieuk euweuh ragap teu aya, tapi éstu tumampi ka nasib diri tumamprak kana puraga. Ihlas narima cocoba ka kulawargana, hirup jujur, tara miboga nu batur, sanajan kebon sayur batur keur salubur. Manéhna tara mipit teu amit ngala teu ménta, sabab ceuk pangrasana lain hak nu manéhna. Keur kahirupan anak-pamajikan téh cukup tina kula-kuli ka tatangga atawa buburuh macul.

            Kacaritakeun dina hiji poé Jamarun teu meunang pagawéan. Ahirna Jamarun mapay-mapay susukan, susuganan aya pirejekieun bawaeun ka imah pikeun dahareun anak jeung pamajikan. Bakat ku anteng mapay-mapay susukan, teu karasa geuning manéhna nepi ka walungan Cianjur.
            Gog... Jamarun nagog, niat rék nguseup di dinya. Merenahkeun manéh, Jamarun diuk dina batu nu rada gedé. Lung….! Jamarun ngalungkeun eupan tina jeujeurna, tuluy panonna anteng ningali kukumbul.
            Sabot keur kitu, katingali ku manéhna aya jelema siga nu palid, nangkuban bari diangkleung cai walungan. Jamarun teu mikir heula, ujug-ujug jleng! Manéhna ngajleng ka walungan Cianjur, maksudna rék nulungan nu kabawa palid. Gancang éta awak jelema téh ditangkeup, dibawa hanjat ka darat, tuluy digolérkeun dina taneuh bari gogorowokan, “Tulung! Aya jelema palid! …… aya jelema palid! Euy, aya jelema palid….!!!”

1.        Tina sempalan dongéng di luhur, bisa kapaluruh yén éta éta dongéng téh kaasup kana wanda dongéng...
A.  Fabél
B.   Parabél
C.   Sasakala
D.  Mite
E.   Sagé

2.           Kaayaan anu kaalaman ku palaku nu nyangkaruk dina éta dongéng, nya éta...
A.  Keuheul
B.  Tohaga
C.  Sugema
D.  Bagja
E.   Taya kaboga
3.        Dumasar kana sempalan dongéng di luhur, aya sawatara ajén anu nyangkaruk di jerona, ungkara anu salah pikeun ngébréhkeun éta hal nya éta...
A.  Ajén atikan
B.   Ajén sosial
C.   Ajén moral
D.  Ajén kaagamaan
E.   Ajén politik

4.           cikrck; ni NgN btu lUn;-lUn; jdi legok
hQti pribs di luhuQ J{t ....
A.    Upama boga kahayang kudu keyeng
B.     Agul ku banda beunang nginjeum
C.     Nyaruaan ka jelema nu saluhureun darajatna
D.    Kudu bisa nyaluyukeun manéh jeung lingkungan anu anyar
E.     Ngalajur napsu ku lantaran euweuh anu ngageuing atawa nu nyengker

5.           Titenan teks di handap ieu        
tnH sun;d
[hjo pgunuGn;
pUl; lUtn;
[hjo pUl; lGit; n h[t kuri N
msi N di mn kuri N nNtuN
msi N k mn kuri N l]m;pN
tnH [lm;bok; tem;pt; bumetH
AGin; [JOt; JiUmn; trN
...
Mk;sud; kecp; JiUmn; trN din sem;pln; sjk; di luhuQ J{t
A. we[lH jdi pikirn;
B. t] jdi piikirn;
C. g]g]t; mturn;
D. t] k[ikirQ-piki Q
E. t] miki Q-miki Q

6.        Kalimah Bandung heurin ku tangtung upama ditulis kana wangun aksara Sunda nu bener nya éta ....
A.    bn;d ttlN rg
B.     bn;di N h]rin; k tuNtuN
C.     bn;duN h]rin; ku tNtuN
D.    bn;trn; kudu cIAn;
E.     bblik; piki Q

Titénan sempalan wacana ieu di handap!
Taun 1980-an ngaranDoelSumbangmimitikakoncaradinawidangseni. Ieuseniman nu dilahirkeun di Bandung téhkaasupjalma nu gedépaniténna kana basaSunda.Buktinawaé, lagu-laguna lain dinabasa Indonesia wungkul, tapiogédinabasaSunda.
Ieuseniman nu kungsinganggitlagu Pop SundaPangandarantéhkungsisakola SMA BPI Bandung jeung SMA Maarif Bandung.
Hasiltinarekamanjeungminton di unggaldaérahtéhteudikeukeuweukkusorangan, tapidipaképikeunkapentingansosial.

7.           Hal-hal anu teudicaritakeundinabiografi Doel Sumbang di luhurtéh nnya éta...
A.    LahirnaDoelSumbang
B.     NyaritakeunsakolanaDoelSumbang
C.     NyaritakeunperhatianDoelSumbang kana basaSunda
D.    NyaritakeunindungbapaDoelSumbang
E.     LaguanyarDoelSumbang

8.           Minangkariwayathirupanukawilanglengkep, biografimibandasawatarapungsi, saperti Sumbersajarah, Sumberinspirasi, Sumberkontemplasi, jeung Kritiksejarahatawakritik social. Salian ti fungsi, biografi ogé mibanda ciri mandiri. Ieu di handap, mana anu teu kaasup kana ciri tina hiji biografi...
A.    Nyaritakeunhijitokoh
B.     Nyaritakeunkaunggulanhijitokoh
C.     Karyalahirnatokoh
D.    Nyarotakeunnaonwaé
E.     Ngadongéngkeunriwayatsakolatokoh

9.           Titénan ieu ungkara-ungkara di handap....
1)   Ngalatih atawa nataharkeun/nyiapkeun diri pikeun ngabiantara
2)   Ngumpulkeun bahan biantara
3)   Milih atawa nangtukeun jejer biantara
4)   Nyieun rangkay atawa struktur biantara
5)   Medar atawa ngembangkeun rangkay biantara
6)   Nyunting  atawa ngaédit naskah
Béda jeung nyarita biasa, biantara atawa pidato mah aya aturanna. Aya struktur anu pasti. Ti mimiti salam bubuka, bubuka, eusi, kacindekkan, salam panutup, jeung panutup biantara. Tapi saméméh nyieun tangtu aya sawatara hal anu kedah diruntuykeun kalayan ngaguluyur. Sacara nagruntuy, nyusun rangkay biantara bisa katiten tina ungkara ieu di handap....
A.  1,2,3,4,5,6
B.  2,3,4,1,5,6
C.  3,2,4,5,6,1
D.  4,2,3,1,5,6
E.   5,6,1,2,3,4

10.       Titénanungkaraieu di handap!
         Hadirinanusamilenggah, parapangajén nu kusimkuringdipikahormat. Kantenanseueurkénéhanuhoyongdidugikeun.Namung, liantikawatesanankuwaktos, inggistambihlami, kalahtambihngacaprukteupuguh.Kumargikitu, minangkapanutupcatur, bobosapanoncarangsapakan, tawakupanukasuhun, sarengmugi-mugiayamangpaatna.
         Amin!
         Niténansempalanbiantara di luhur, étaungkaratéhkaasupbagéan....
A.  Salam Bubuka
B.  Eusi
C.  Kacindekan
D.  Bubuka
E.   Panutup

11.       Dina nepikeun biantara, aya sawatara hal anu kudu diperhatikeun. Sangkan nalika nepikeun biantara karasa alus tur merenah, sakumaha mistina dina ngabiantara. Aya opat métodeu dina ngabiantara, nya éta métode impromtu, métodeu ekstemporan, métodeu talaran, jeung métodeu manuskrip. Métode ngabiantara nu spontan atawa langsung tanpa ayana naskah biantara disebut métode.
A.  Naskah
B.  Impromptu
C.  Ektemporan
D.  Manuskrip
E.        Talaran

12.    Pupur aing pupur panyambur
panyambur panyangkir rupa
nyalin rupa ti déwata
nyalin sari widadari
nya tarang téja mentrangan
nya halis katumbirian
nya irung kuwung-kuwungan
di deuleu ti ahreup sieup
disawang ti tukang lenjang
ditilik ti gigir lenggik
mangka welas mangka asih
asih ka badan awaking
Nilik kana rumpakana, jangjawokan di luhur dianggit ngagunakeun purwakanti...
A.    Margaluyu
B.     Mindoan Kawit
C.     Mindoan Kecap
D.    Laras Purwa
E.     Laras Wekas

13.    Salasahiji wanda mantra anu méh sarua jeung adat urang Indian anu miboga pungsi pikeun nyingkahan hal-hal anu teu dipikahayang, saperti kasakit, siluman-siluman jeung sajabana, nyinglar jurig, kuntilanak, lelembut, anu sakirana sok ngaganggu ka manusa. Kitu deui sok dipaké nyinglar sasatoan, sato leuweung, hama, musuh, subaya ti nu lian, guludug, jeung hujan angin, dina ngariksa kebon, pepelakan, jeung kasalametan diri. Kebon sangkan teu kaasupan ku sasatoan, pepelakan, jeung ka salametan diri. Paraji dina méméh marajian téh nyinglar heula kuntianak katut lelembut anu jahat liannna, kitu deui anu rék ngaduruk pihumaeun nyinglar heula lelembut anu aya didinya. Waktu rék saré mapatkeun heula singlar, pikeun nolak bisi aya subaya nalika urang keur saré. éta mantra téh kaasup kana wanda...
A.    Ajian
B.     Asihan
C.     Jampé
D.    Jangjawokan
E.     Singlar

14.    Miangna ti eta pasantren teh Raden Yogaswara teu nyorangan, tapi dibarengan ku sobatna nu ngaranna Ki Bulus. Di Dayeuh Nagara Tengah Raden Yogaswara meunang gawe jadi tukang ngurus kuda, sedengkeun Ki Bulus mah meunang gawena teh jadi tukang meresihan kandang kuda. Gawena Raden Yogaswara alun pisan. Lantaran kapake, nya Raden Yogaswara tugasna dipindahkeun kabagian upacara, purah jadi tukang mawa roko Dalem. Di ieu tempat gawe nu anyar teh, Raden Yogaswara mindeng pisan nyaksian sawala nu dilaksanakeun di Baleirung. Hiji waktu aya babadamian ngeunaan kumaha sikep pamarentahan Nagri Tengah ka Mataram, nu harita ngangkat Sutawijaya. Hasil babadamian teh mutuskeun yen Nagri Tengah teu ngabogaan hubungan nanaon jeung Mataram
Dina carita Mantri Jero karangan, R. Memed Sastrahadiprawira ngagunakeun puseur sawangan...
A.    caturan jalma katilu
B.     caturan jalma kahiji
C.     caturan palaku antagonis
D.    caturan palaku protagonis
E.     caturan palaku tritagonis

15.    Pék titénan sempalan carita novel “Prasasti nu Ngancik dina Ati” karangan Popon Saadah ieu di handap!
Pras, hapunten Rin nya, Pras..." Nyarita kitu teh bari ngahaja semu ngahelas, ngarah ngaherukna teu katutuluyan.
Manehna nyarita kalawan logat nu karasa asing ceuk ceuli kuring, "Satikosna ahu sangat sonang tu ha ito malobihi apapun. Boasa ito dang hea mengerti hatakon?"
Nyel hate teh keuheul. Kuring asa keur digeuhgeuykeun diheureuykeun make basa nu teu weleh matak teu pikahartieun.
Pok deui deui manehna nyarita ditompokeun kana ceuli, "Rinega, boasa ito dang hea mengerti hatakon? Boasa Rin?" kalawan logat ledok Batak Toba.
"Naon hartina?" tanya kuring. Keur keuheul ge teu burung panasaran kana ma’na kalimah nu diucapkeun ku manehna cikeneh teh. Atuda katempo nyarita kituna teh bangun nu bari dirarasakeun.
"Kedah ngartos atuh, Rin...," cenah. Leuleuy ayeuna mah, sarta logat nyaritana balik deui kana lentong Sunda.
"Sing emut, Pras, Rin sanes Margaret!" cekeng, bari sedih. Saha jelemana nu rido disaruakeun jeung nu sejen bari eta nu sejen teh hiji awewe nu meleng-meleng dianggap sainganana.
"Naha bet nyabit-nyabit wae Margaret? Pras mah geus teu aya hubungan nanaon deui jeung manehna teh. Rin kedah terang, Margaret mah carita lawas nu geus laas!" Najan nyaritana tandes, kuring teu gancang percaya kitu wae. Sabab, hate jelema mah kapan jero alah batansagara nu pangjerona.
Latar kaayaan anu kapanggih dina eta sempalan carita novel prasasti nu ngancik dina ati karangan Popon Saadah di luhur nya eta...
A.    keuheul jeung panasaran
B.     keuheul jeung deudeuh
C.     leuleuy jeung panasaran
D.    heureuy jeung keuheul
E.     keuheul jeung ambek

16.    Dina kamekaranana, novel dianggap saharti jeung roman. Ngan, wangenan novel jeung roman bisa dibedakeun hartina dumasar sipat jeung galur kahirupan palakuna, nya eta...
A.    Novel mah realistis, roman mah puitis jeung epis atawa sifatna leuwih mitis. Roman mah nyaritakeun kahirupan palaku ti lahir nepi ka maotna, sedeng novel mah ngan nyaritakeun sawareh galur kahirupan palakuna
B.     Roman mah realistis, novel mah puitis jeung epis atawa sifatna leuwih mitis. Roman mah nyaritakeun kahirupan palaku ti lahir nepi ka maotna, sedeng novel mah ngan nyaritakeun sawareh galur kahirupan palakuna
C.     Novel mah realistis, roman mah puitis jeung epis atawa sifatna leuwih mitis. Novel mah nyaritakeun kahirupan palaku ti lahir nepi ka maotna, sedeng roman mah ngan nyaritakeun sawareh galur kahirupan palakuna
D.    Novel mah realistis jeung epis, roman mah puitis jeung leuwih mitis. Roman mah nyaritakeun kahirupan palaku ti lahir nepi ka maotna, sedeng novel mah ngan nyaritakeun sawareh galur kahirupan palakuna
E.     Novel mah puitis jeung epis, roman mah realistis atawa sifatna leuwih mitis. Roman mah nyaritakeun kahirupan palaku ti lahir nepi ka maotna, sedeng novel mah ngan nyaritakeun sawareh galur kahirupan palakuna

17.    Putri Citraresmi ngajerit maratan langit basa mireungeuh ramana geus ngababatang. Dirina sabil, meh teu kuat nahan diri, hayang kaluar ti kemahna. Tapi asa ras kana dirina nu kudu jadi upeti regog deui, bari tuluy nutupkeun lalangse kemahna.
Ret kana patrem pamere paman Mangkubumi Bunisora Suradipati, geus lamokot ku getih. Manehna neuteup patrem bari mikiran nasibna.
"Getih..., enya getih!
Enya, demi harga diri Nagri Sunda!
Duh Rama Prabu... duh Ambu indung puntangan kaasih...
Keur saha ngamalirkeun getih?
Sakeclak memang keur kami, tapi ngocorna demi harga diri Negri Sunda!..."
Gabres patrem ditubleskeun ku dua leungeunna panceg niruk lempengan jajantungna...

Nilik kana eusi carita dina sempalan carita Perang Bubat di luhur, éta novel téh kaasup kana genre...
A.    Roman
B.     Misteri
C.     Psikologi
D.    Sosial
E.     Pulitik


MAWAR BODAS
Mapayjalansatapak
Ngajugjugkahijilembur
Henteukarasacapéna
Sababaya nu ditéang
Hujanangindor-dargelap
Tayapisankeurngiuhan
Sanajanawakrancucut
Teupadulikajeunteuing
Nu pentingmahasalnepi
Katempatanudituju
Rékngalongokmawarbodas
Kembang nu jadiimpian  
Sugantéamoalgagal
Kembanggeusaya nu boga
Balikgéasahoréam
Leumpanggéasangalayang
Teukasawangtianggalna
Teukapikirtitadina
Lamunbakalnyerihaté
Horéamteusuditeuing
Néanganpipanyakiteun
Néanganpipanyakiteun

18.    Dina rumpaka kawih di luhur aya ungkara
Rékngalongok mawar bodas”, naon anu dimaksud kecap “ Mawar Bodas” dina rumpaka kawih di luhur...
A.       Wanoja
B.       Jajaka
C.       Ngaran kembang
D.       Haté
E.        Indung

19.    Rasa nu kumaha nu hayang ditepikeun ku pangarang dina éta kawih mawar bodas...
A.       Bungah
B.       Atoh
C.       Kaduhung
D.       Gumbira
E.        Ambek

20.    Téma anu nyangkaruk tina kawih di luhur nya éta ngeunaan...
A.    Percintaan
B.     Gogonjakan
C.     Sukabungah
D.    Sungkawa
E.     Kasieun

21.    Dumasar kana wandana, kawih di luhur kaasup kana...
A.    Wanda buhun
B.     Wanda jaman jepang
C.     Wanda anyar
D.    Wanda bihari
E.     Wanda baheula

22.    Éta rumpaka kawih téh nyaritakeun lalampahan hiji jalma anu rék néang bébéndéna. Kecap anu digurat handapan miboga harti...
A.    Babaturan
B.     Kabogoh
C.     Balad
D.    Adi
E.     Batur

23.    Sim Kuring asmana panata calagara ngahaturkeun wilujeng sumping ka para bapa-bapa ibu miwah hadirin sadaya anu parantos kersa nyaosan pangulem panitia. . .”
Eta kekecapanpanatacalagatehdiucapkeunnalika …
A.    Mukaacara
B.     Nataansusunanacara
C.     ngahaturkeun
D.    nganuhunkeun
E.     mungkasacara

24.    Manadihandap ieukekecapannganuhunkeunanu di kedalkeunku MC …
A.    “ Simkuringasmanapanatacalagarangahaturkeunwilujengsumpingkaparabapa,paraibu,miwahhadirinsadayanaanuparantoskersanyaosanpangulempanitia…”
B.     “Atuhteuhilap,ogengahaturrewunuhunlaksaketikabingah kana sagalarupipangrojongboh m orilbohmeterildugiieuacaratiasalumangsungkalayannyugemakeun..”
C.     “simkuringbarisngadugikeunruntuyanacaraanubarisdipidangkeundinawengiieu…….
D.    ”Manggaurangsamisamingadeheuskeunpujisinarengsukurka Allah SWT anuparantosmaparinnikmatkaurangsadaya….
E.      “Alhamdulilahacara demi acaraparantosrengsedilaksanakeun.Sateuacanasimkuringpamit,kalayanasmanapanatacalagaranedadihaputentinasamudayakalepatan..”

25.    Tengetanieu di handap
(1) Ngawasarohangantempat
(2) Ngalakeun eye contact ( museurpaningalka audience)
(3) Nataansusunanacara
(4) apal kana karakteristikpara audience
Mana nu kaasupteknikkaparigelan saurang MC….
A.    1
B.     2
C.     3
D.     4
E.     2 jeung4

26.    Kamana-manatéhmimindengnamahtumpakkarétamesin (sapédah). Étawé di sabantempat, sayagitempatneundeunsapedah. Basajanpisan. Pager awianggangnaantarawilahjeungwilahtéhsaasup ban sapédah. Nu radaalustéh di kantoran, dinapelur nu dilogakansapaseun ban, jeronaaya kana saparapatjari-jarisapédah. Ban hareupdiasupkeun kana logak, teudistandarkeunogésapédahtéhcicing.
Dumasar kana wacana di luhur, étaprosalancarantéhkaasup kana wangun…
A.    ProsaEksposisi
B.     ProsaArgumentasi
C.     ProsaPersuasi
D.    ProsaDeskripsi
E.     ProsaNarasi

27.    AsasaGedongsatemimitidiadegkeuntaun 1920, sabadaayarencanamindahkeunpuseurdayeuhPamaréntahHindiaWalandati Batavia ka Bandung. Rarancangnabeunanghijitimanudiwangunkuarsiték Ir. J. Gerber, Ir. Eh de Roo, Ir. G. Hendriks, jeungpihakGementee van Bandung anudipupuhuanku VL Slors.
Dumasar kana wacana di luhur, étaprosalancarantéhkaasup kana wangun…
A.  ProsaDeskripsi
B.  ProsaEksposisi
C.  ProsaPersuasi
D.  ProsaArgumentasi
E.   ProsaNarasi

Pék Baca Sempalan Wawacan pikeun nomer 28-30
Nya di dinya nu asupkawangsit
panggulenganbadakputihtéa
ayeunapasantrénjero
wétaneunalun-alun
ayeunagémasihkaciri
geustepikaugana
kakarakatimu
AryaWiraTanuDatar
nukatilukasépkawanti-kawanti
dedegnasedengpisan.

Étahenteugedéhenteuleutik
henteujangkunghenteuhandap
kasépngalengkoréngkonéng
aluslembutmulus
rambuthideungrumbahnajuling
pananganngagondéwa
jeungbangirpangambung
lengkéhangkéngrubak dada
ramonérosmeujeuhcarapucukeurih
kaséptayacacadna.

Malah-malahkeurmurangkalih
kaya nu jadiparibasa
katelahnaRadénkasép
yuswasalikurtaun
mangsajenengjadibopati
kongaskamana-mana
yénDalemCianjur
kasép lain kaulinan
Dalemréa nu nalawaranputri
tiUkurtiKarawang.

Kakocapkeuncaritadeui
numatakétatéhkatelah
KangjengDalemréacondré
caritanageusmashur
étaunidinapancakaki
Dalemngadanguwarta
yénaya nu punjul
awéwéurangCikembar
ngaranApunGencékawaswidadari
Dalemkasmaranmanah


Lajengmiwaranganngabdi
nyaurApunGencekaCikembar
caturkeundatangnabaé
malahdalempanuju
benerbéjapuguhyéngeulis
konéngdedegmeujeuhna
buuksemettuur
langkoyangjeungbisalembut
henteupisanmimper-mimperurangsisi
kawaasKantiDéwata.

28.    Nilik kana guru lagu jeung guru wilangan anu digunankeun dina rumpaka pupuh di luhur, éta sempalan wawacan téh ditulis dina wangun....
A.    Pupuh Kinanti
B.     Pupuh Sinom
C.     Pupuh Asmarandana
D.    Pupuh Dangdanggula
E.     Pupuh Pangkur

29.    Dumasar kana sturktur wawacan, sempalan carita éta di luhur kaasup kana bagéan...
A.    Manggalasastra
B.     Alofon
C.     Eusi
D.    Kolofon
E.     Panutup

30.    Mekarna wawacan di urang téh ngaliwatan sababaraha tahap. Dina tahap kahiji, lalakon-lalakon wawacan tina sastra Jawa téh langsung disalin henteu disundakeun mangrupa naskah. Tahap kadua, témbong usaha narjamahkeun (nyalin) kana basa Sunda. Tahap katilu, lain narjamahkeun, tapi nyipta carita-carita nu geus nyampak ti baheula mula, mungkin hirupna dina média lisan kénéh. Munculnababad-babadtatarSundaogé (upamana Bogor, Cikundul, Cirebon, Sumedang, Panjalu, jsté) kawasnadinatahapieu. Sabadaayatéknologicitak, wawacan-wawacananutadinamangrupanaskahtéhréaanuditerbitkeunmangrupabuku; dibarengankuciptaan-ciptaanalanyar, sartawandanaogéanyar.
Dumasar kamekaranna, éta sempalan wawacan di luhur téh hadir dina pajemuhan Sunda dina tahap...
A.       Tahap Kahiji
B.       Tahap Kadua
C.       Tahap Katilu
D.       Tahap Kaopat
E.        Teu kapaluruh iraha diciptana

31.    Latar tempat atawa setting tempat anu teu kapaluruh lantaran teu disebut dina sempalan carita wawacan di luhur nya éta...
A.       Cikembar
B.       Alun-alun
C.       Badak Putih
D.       Cikundul
E.        Karawang

32.  Tengetan ieu sempalan naskah drama di handap!
1.      Ceu Unéh: Wa alaikum salaaammm. Is  geuning Nyi         Inot tos ti mana Nyi?
2.      Nyi Inot   : Ih! Piraku kuring ngabohong, sumpahna ogé daék turun harga Elpiji. Enyaan Ceu! Kang Ujéna mah teu nyahoeun aya kuring, Da kahalangan ku tukang céndol.
3.      Ceu Unéh: Can balik. Biasa wé, keur dines. Dagang peuyeum, aya naon kitu Nyi?
4.      Nyi Inot   : Ieuh Euceu! Tadi kuring tas ti kota, papanggih jeung Kang Ujé, keur leumpang duaan, jalan-jalan jeung awéwé!
5.      Nyi Inot: Ah, ngahaja waé ka dieu. Ari Kang Ujé aya, Ceu?
6.      Ceu Unéh : Jalan-jalan jeung awéwé? Enyaan Nyi?
Sempalan dialog drama di luhur, bakal ngaguluyur jalan caritana saupama disusun saperti ….
A.       1 – 2 – 3 – 4 – 5 – 6
B.        1 – 5 – 3 – 4 – 6 – 2
C.        1 – 2 – 4 – 3 – 5 – 6
D.       1 – 5 – 3 – 4 – 2 – 6
E.        1 – 6 – 3 – 4 – 5 – 6

33.    Carita drama téh nya éta karangan sastra winangun dialog. Maksud éta wangenan téh nya éta ....
A.    Dina midangkeun lalakon ngagunakeun obrolan di antara tokoh-tokohna.
B.     Dina midangkeun lalakon ngagunakeun adegan di antara tokoh-tokohna.
C.     Dina midangkeun lalakon ngagunakeun setting di antara tokoh-tokohna.
D.    Dina midangkeun lalakon ngagunakeun galur di antara tokoh-tokohna.
E.     Dina midangkeun lalakon ngagunakeun peta jeung réngkak di antara tokoh-tokohna.

34.    Kamekaran anu matak pikabungaheun ngeunaan pagelaran drama Sunda téh nya éta ....
A.       Para pamilon pasanggiri ti taun ka taun beuki nambahan.
B.       Kagiatan    pasanggiri ti taun ka taun beuki nambahan.
C.       Para palaku  pasanggiri ti taun ka taun beuki parigel.
D.       Para pamilon pasanggiri ti taun ka taun beuki nyirorot.
E.        Judul-judul drama dina pasanggiri ti taun ka taun beuki nambahan.

35.    1. Batu Asahan
2. Tonggérét Banén
3. Sirung Pajajaran
4. Masyitoh
5. Dalem Cuké
Judul drama nu kungsi dipagelarkeun tur meunang pangbagéa ti masarakat nya éta ....
A.      1 – 2 – 3
B.       1 – 2 – 3
C.       2 – 3 -  4
D.      2 – 3 -  5
E.       1 – 2 – 4

36.         Drama anu dialog-dialogna ditembangkeun atawa dikawihkeun sok disebut ....
A.      Sandiwara
B.       Gending karesmén
C.       Longsér
D.      Téater
E.       Tunil

37.    Upamanilik kana wangunna, caritapantuntéhmangrupawangunugeran (puisi). Di jeronadiwangunkusababarahabagian; ayabagian rajah, bagiandéskripsi, bagiannarasi, dialog jeung monolog jeung rajah panutup/pamunah.Perhatikeunieucontobagiancaritapantun!
“ Aéh, Mama Léngsér, bagéateuing, irahadongkap?”
Témbalna Mama Léngsér“ Jagongcarang, RatuEmas!”
“Jadi Mama Léngsértéhkakarahol?Atuhsukur, Mama Léngsér boa tosnoongheula?”
“AduhRatuEmas, ulahtadah-tuduhkanupuguh, ulahngangarananka nu enya, paliasteuinglamunteutasnoong”
“ Nyasukur Mama Léngsér, lamunteutasnoongmah. Tapilamuntasnoong, ulahpupulihkabatur, ulahcacaritakatatangga, ariuar-uarmahkajeun”
Di luhurmangrupacontohcaritapantunbagian...
A.    Rajah pamuka
B.     Deskripsi
C.     Narasi
D.    Dialog
E.     Monolog

38.    Baca ieusempalancaritapantun
SunanAmbu di Kahyanganbogaanaklalaki, kaséptayapapadana, ngaranna Guru Minda.Hijipeuting GuruMindangimpibogabébéné (kabogoh) nu sarupajeungSunanAmbu.Nepikahijiwaktu Guru Mindamaling-malingneuteupSunanAmbu.SunanAmbunyahoeun.Antukna Guru MindadititahturunkaBuanaPancatengahpikeunnéanganpijodoeunanaanusarupajeungSunanAmbu.Tapisaméméhna kudu salinrupaheulajadilutung,sartadingarananLutungKasarung.
Sanggeusdibérépituduhpijalaneunana, Guru Minda nu geusjadilutung, turunkaBuanaPancatengah.Gubragna di NagaraPasirbatangAnuGirang.
Dumasar kana strukturcaritapantun, bagian di luhurnuduhkeun ….
A.    Satriangalalana
B.     Satriangalamanujian
C.     Satriaunggulperang
D.    Satriangadahupkaputri
E.     Satriangadegjadi raja

39.    CocobajeungdodojakaPurbasarikurékaperdayaPurbararangkacidalobajeunghéséna. MimitiPurbasaridititahngabendungLeuwiSipatahunandinawaktusapeuting, Purbasaribias ngalaksanakeunpanitahPurbararang. TerusPurbasaridiajakpaalus-alusngahuma.
Purbasaridititahngahuma di tanahanggarsartangandibérépakarangkujangbuntung.TapihasilngahumaPurbasarileuwihalusbatanhumaPurbararang.
Purbararanghenteusugemakungadojasakitu.Purbasarituluydiajakpaalus-alusninun.Tétéladeuibaé, hasilnaleuwihalusbeunangPurbasari.Terusdiajakpageulis-geulis.Purbasarianggeranumeunang.Ahirnanyadiajakpakasép-kasépkabogoh.LebahdieuPurbasaribingung, sababkabogohPurbararangtéhsinatriagandanganujenengananaIndrajaya.Ari kabogohPurbasariapanlutung.
Manapernyataan nu pangbenernadumasarcutatan di luhur, Purbararangbogasifat ….
A.    Nyaah
B.     Karunyaan
C.     Harak
D.    Welasasih
E.     Elehan

40.    Bul kukus mendungkamanggung, kamanggungnedapapayung, kadéwatanedasuka,
kapohacinedasuci, kuringrékdiajarngidung, nyangidungcaritapantun,ngahudangcaritawayang, nyilokakeunnyukcruklaku, nyukcruklaku nu bahayu,mapaylampah nu baheula,lulurungtujuhngabandung,kadalapankeurdisorang,bisinanerusnarutus,bisinanarajangalas,da puguhgaluringtutur,ngembatpapatancarita,timendipapisinieun,timanapacaritaeun,teuteureuhtikahiyangan,ditandéancupumanik,cupumanikastagina,diturubankumandepun,diteundeun di jalangedé,ditundaku nu ngaliwat,ku nu weruh di semuna,ku nu terangbujaksana,ku nu rancagé di angen,dibukapatinghaleuang,nu méntadilalakonkeun,cag!
Dumasarcutatancaritapantun di luhur, Ki JuruPantunkeur ….
A.    sanduk-sandukkakaruhunlantaranrékngamimitianmantun. Sanduk-sanduktéhhartinaméntaidin, méntapangraksajeungpangriksati nu ngageugeuhétalembursangkansaralamet.
B.     Nyambungkeunhijikajadian kana kajadiansaterusna. Bédajeung rajah katutkajadiandéskripsi (papantunan), lebahbagiannarasimahhenteuditembangkeun.
C.     Ngagambarkeuntingkahparipolahtokohcaritadinahijikajadian, sapertiputriangdan, léngsérlumpat, satriaperang, satriangapung, hayamdiadujeungsajabana.
D.    Ngagambarkeunwatekatawakarakterpalaku,
ngalancarkeunjalancarita, sartanepikeungagasan-gagasan
E.     sanduk-sandukkakaruhunlantarangeusdisalametkeun

ESSAY
  1. Jéntrékeun tilu papasingan (klasifikasi) dongéng kalawan tuliskeun masing-masing contona tilu siki!
  2. Tuliskeun lima papasingan mantra Sunda!
  3. Jieun sa pada rumpaka pupuh Kinanti anu eusina tina ngaran-ngaran bungbuahan!
  4. Jéntrékeun bédana antara kawih jeung tembang!
  5. Transliterasikeun wacana di handap ieu:
pRbu pn;du [dwnt [tH hiji rj ti krjAn; As;tin. An;j]n bog putR lim sduluQ Anu bris; ktelH pn;dw lim, Anu dilhi Qk]n; ti duA Is;tRin J {t [dwi kun;ti j] N [dwi md;rim;. {t pn;dw lim ti nu pNge[dn nepi k pNl]tik;n [tH J {t: yudis;tir, bim, AQjun, nkul j] N s[dw. yudis;tir bog Grn; kJAH Atw Grn; l]tik;n J {t pun;t[dw, bim Grn; l]tik;n J {t [sn, AQjun Grn; l]tik;n [tH pe Qmdi, dilhi Qk]n; ti Ibu [dwi kun;ti. sede N nkul nu bog Grn; l]tik; pun;ten; j] N s[dw nu bog Grn; l]tik;n tNsen; dilhi Qk]n; ti Ibu [dwi md;rim;.


4 komentar: