Wacana
pikeun ngeusian nomer 1-3
Jaman baheula di hiji lembur di
wewengkon Cianjur aya hiji kulawarga nu kahirupanana kacida waluratna. Sok
sanajan cicing di lembur anu upluk-aplak pasawahan tur subur pepelakan, tapi pikeun manéhna mah taya
hartina, da kahirupanana sagala teu boga. Ari pupuhu éta kulawarga téh ngaranna
Mang Jamarun. Mang Jamarun, sok sanajan hirupna kékéréhét lieuk euweuh ragap
teu aya, tapi éstu tumampi ka nasib diri tumamprak kana puraga. Ihlas narima
cocoba ka kulawargana, hirup jujur, tara miboga nu batur, sanajan kebon sayur
batur keur salubur. Manéhna tara mipit teu amit ngala teu ménta, sabab ceuk
pangrasana lain hak nu manéhna. Keur kahirupan anak-pamajikan téh cukup tina
kula-kuli ka tatangga atawa buburuh macul.